Dark
Light

Samsung Ativ SE Rilis Sasih Ieu?

by
1 min read
April 1, 2014

Samsung jigana tos siap ngawanohkeun gejet anyar anu berbasis Windows Phone, Samsung Ativ SE. Nyalin tina TheVerge, hénpon anu neruskuen seri Ativ itu teh rumorna bakalan aya kanggo baraya sasih April ieu.

Ngalengkepan rumor ieu, Evleaks oge ngabocorkeun poto anu dianggep minangka Samsung Ativ SE.

Samsung Ativ SE ieu teh rumorna bakalan ngahadirkeun layar 5 inci kalawan resolusi 1080p jeung kamera anu miboga 13MP. Salain ku eta, hénpon ieu ge dipercanten bakalan ngahadirkeun prosesor quad core Snapdragon 800 anu dirojong ku RAM 2GB. Memori jerona teh 16GB.

Pitur anu tos disebutkeun di luhur teh anu ngalengkepan rumor si Ativ SE ti Samsung ieu, ta acan aya inpormasi anu sejen sapertos pangaos anu bakalan ditapelkeun dina ieu hénpon. Ari persi sistim operasi anu bakalan dipasang dina ieu hénpon teh rumorna bakalan ku Windows Phone 8.1.

Upami wagel ngenaan Samsung Ativ teh baraya bisa oge ningali taun kiwari pas varian ieu teh mimiti wedal, nyaeta Samsung Ativ S. Hénpon ieu teh gaduh layar anu mayan ageng, 4.8 inci, prosesor anu dipasang nya eta dual core 1.5 GHz jeung RAM 1GB. Batrena 2300 mAh anu mayan gede. Upami bade ngabandingkeun, Samsung Ativ SE teh tos pasti gaduh spesipikasi anu leuwih hade.

Panasaran sareng bentuk ti Samsung Ativ SE sareng spesipikasi anu lengkepna? Hayu urang tungguan kumaha ieu kalanjutan caritana ti Samsung, upami ieu rumor leres, moal lila deui baraya tiasa ningali kumaha wangun tina hénpon Samsung Ativ SE ieu.

Artikel sareng gambar: EngadgetTheVergeEvleaks.

Leave a Reply

Your email address will not be published.

Previous Story

Vocalita Ngahadirkeun Aplikasi Kanggo Ngadangukeun Musik Indie

Next Story

Aya Nu Anyar Ti Aplikasi MindTalk Kanggo iOS

Latest from Blog

Don't Miss

Cuma Sejutaan, Samsung Galaxy A06 Pamer Fitur-fitur Pendukung Bisnis Online

Perkembangan pasar bisnis online serta potensi pasar e-commerce di Indonesia

Tips ke Luar Negeri Pakai Fitur AI di Galaxy S24 Series

Sejak hadirnya Galaxy AI di smartphone-smartphone Samsung, banyak pengguna yang