Dark
Light

Aya Nu Anyar Ti Aplikasi MindTalk Kanggo iOS

1 min read
April 1, 2014

MindTalk ngahadirkeun pitur anyar kanggo aplikasi iOS na. Layanan media sosial anu didamel ku depeloper lokal ieu teh nampilkeun parobahan sepertos tampilan anu robah sareng pitur anu dihadirkeunna.

Atos sataun lamina aplikasi kanggo iOS ti MindTalk wedal, tapi parubahan anu cekap loba anu dilakukeun teh nembe sakali ieu. Aplikasi MindTalk dikembangkeun ku Robin Ma’rufi sareng Danny Oei Wirianto. Nurutkeun rilisan pers anu katarima ku redaksi, persi anu paling anyar ieu teh didamel kanggo merekeun sajumlah pangalaman panganyarna kanggo pangguna anu make pasilitas channel nu aya di MindTalk.

Tampilan anu diubah ayeuna teh, cacak teu kabeh disaluyukeun jeung sistim operasi iOS 7 sapertos aplikasi anu sejen, nanging tampilan anyar ieu aplikasi teh leuwih seger jeung responsip tibatan nu kawitna.

MindTalk oge nambihan pitur anyar dina aplikasi MindTalk 2.0 kanggo iOS ieu. Aya tilu anu anyar teh, nyaeta Share Mind, Quick Action, Explore sareng Like. Katilu-tiluna ditambihan ameh pangalaman ngabagikeun konten anu dipikaresep ka media sosial leuwih hade. Husus kanggo pitur Explore, kadudukanna teh kapake kanggo baraya anu ta acan gaduh akun di MindTalk angger bisa ningali konten anu aya di MindTalk.

Sacara sakabeh, anu anyar di Mindtalk ieu teh cekap hade. Tampilan anu dirobah total jeun panambahan pitur anyar ngaceskeun ari MindTalk teh tos siap nyanghareupan pertumbuhan anu sae di warsih 2014. Husus kanggo pitur Explore, MindTalk jigana hoyong ngincer pangguna anu ta acan ningalian konten informasi nu bisa diakses iraha wae sanaos ta acan gaduh akun di MindTalk.

MindTalk teh ayeuna tos gaduh aplikasi di ampir sadaya platform, tina Android, Windows Phone, BlackBerry, jeung Asha. Anu Anyar ti MindTalk nu ayeuna ieu emang ngan saukur kanggo iOS. tapi henteu nutupan kasempetan dina lain waktos pembaruan ieu teh bakalan aya di platform anu sejen.

Upami baraya hoyong nyobian ieu aplikasi nu anyar ti MindTalk kanggo iOS tiasa nuju ka dieu, kanggo ningal informasi nu lengkepna.

Leave a Reply

Your email address will not be published.

Previous Story

Samsung Ativ SE Rilis Sasih Ieu?

Next Story

Pemutar Musik PonoPlayer Sukses Galang Dana Sebesar 5 Juta Dolar di Kickstarter

Latest from Blog

Don't Miss

Game Lokal Lokapala Ekspansi ke Asia Tenggara

Anda tentu sudah mengetahui tentang game mobile bernama Lokapala, bukan? Game dengan

OpenAI Luncurkan Aplikasi Resmi ChatGPT di iOS, Android Menyusul

Mulai populer di akhir tahun lalu, penggunaan AI sudah mulai